Sabtu, 28 Juli 2012
teuing nying
teuing ieu teh teu puguh rarasaan. kadieukeun mah asa jadi ragu atawa rada hoream merjuangkeun anjeunna teh. kunaon ??? nya asa kumaha weh respon manehna ka urang ayeuna. awal awal urang wawuh jeung manehna mah aduh asli bageur pisan ramah. naha kadieunakeun asa gampang pundung ka urangna.saeutik saeutik salah. piraku weh urang kudu ngelehan tuluy mah atuh da asa teu kudu pan. heueuh bener urang emang nyaah, resep ka anjeunna. ngan nya ciklah tong kieu oge sikap manehna ka urang. da mun urang bisa mopohokeun manehna ayeuna keneh mah pasti ku urang ge di usahakeun aslina. tapi da urang teh nyaan resep lain heureuy hungkul. ari kudu nuturkeun kahayang mah urang ge bisa ngadat ka manehna. ngan urang masih keneh boga pamikiran yen urang mah embung boga musuh. ete hungkul teu leuwih. misalna urang teu ngahubungi manehna deui da asa teu ngeunah bisi di sangka ku manehna urang teh emang neangan musuh. padahal mah euweuh niat saeutik eutik acan jang mumusuhan jeung manehna. lieur serba salah. urang rek merjuangkeun,da asa teu bener respon ti manehna.pasti moal bisa mopohokeun mantanna manehnna mah. sabenerna mah da urang yakin pasti manehna moal bisa mopohokeun mantanna. kunaon ??? sabab da beuki urang berusaha mopohokeun hiji masalah,malah beuki hese urang poho ka eta masalah. keun weh atuh teu bisa poho ayeuna ge da sugan ari eunggeus di jalani mah moal inget tuluy meureun. heueuh emang urang ge sadar urang teu bisa ngajanjikeun nanaon ka manehna,najan ngan jang ngabahagiakeun manehna oge urang teu bisa janji. nya urang mah sadar diri weh yen urang mah lain sasaha, euweuh nu bisa jadi alesan manehna jang merjuangkeun urang. heup lah cik mulai ti ayeuna sugan manehna bis amikir rada bener. meh ngeunah ka urangna ge.
Langganan:
Posting Komentar (Atom)
Tidak ada komentar:
Posting Komentar